semua mahluk hidup pasti mati


Dasar beuteung mah teu bisa di ajak kompromi, ma enya dina waktu keur rapat geura ujug ujug hayang modol we, kapaksa we kusabab era da keur rapat tahan heula we eta hayang modol teh. ari beuki lila - beuki lila naha bet siga anu dek kaluar ari teun teh geura geus aya saeutik anu ngeclak teuing naon na tah anu ngeclak teh, buru buru we lang sung indit ka pacilingan anu aya di solokan nu deukeut ti eta tempat ririungan atawa rapat teh. ari geus di kaluarkeun mah meuni asa ngemplong teh euy, terus simkuring teh neruskeun deui we rapat teh, bae aya saeutik anu nyesa di calana ge da batur mah moal nyahoeun.

Matakna lamun hayang modol kudu buru buru indit ka pacilingan bisi kababayan era atuh lamun ka babayan mah, beunget dek di teundeun di mana.

Bener barudak.......

0 komentar: